Kamis, 12 Maret 2015

Pepatah ulama Tasikmalaya (Uwa ajengan KH. Khoer Affandi)

 Amanah Uwa ajengan KH. Khoer Affandi (basa sunda)
(Pengurus Pondok Pesantren MIFTAHUL HUDA )
 Tasikmalaya 

 17 KONCI HIRUP SUKSES DUNyA JEUNG AKHERAT.

  1.  Sholat awal waktu berjamaah.
  2. ulah eureun neangan elmu.
  3. ulah eureun neangan balad.
  4. Pertahankeun Aqidah Ahlussunah Wal'jama'ah.
  5. lamun hayang maju ulah eurun mikir.
  6. Lamun hayang maju kudu daek cape.
  7. Ulah embung disebut bodo.
  8. ulah embung disebut sahndapeun.
  9. Sagala nu tumiba kadiri gara-gara diri sorangan.
  10. Eweh nu nyaah kadiri kajaba nu boga diri.
  11. Ari ngitung kudu ti hiji, ulah hayang ujug-ujug angka salapan.
  12. Mun keur nyieun pondasi tongsok eaka mikiran kenteng.
  13. Najan teu lumpat, tapi ulah cicing.
  14. Sagede-gedena jalan syare'at, ulah matak ngurangan tawakal ka Alloh.
  15. Tong leumpang dina kahayang, tong cicing dina embung, tapi kudu leumpang dina kudu, kudu eureun dina ulah,
  16. Tong lesot hate tina eling ka Alloh dina kaayan kumaha wae,sedih, susah, jeung bungah.
  17. sarebu sobt saeutik teuing, hili musuh loba teuing.

     Rupi na mung sakitu ti simkuring  ka uninga salaku penulis , kakirangn kalebihannana nyuhunkeun wae di hapunten.
     mudah -mudahan papatah Uwa ajeungn di luhur ieu tiasa di amalkeun ku pembaca kalayan aya di kamangfa'atan  amin .